Nami : Reza Gustiawan
Kelas : Xi Ipa 5
Resensi
Novel “Panganten”
Jejer Buku : Panganten
Panulis : Deden Abdul Aziz
Pamedal : PT Kiblat Buku Utama
Tempat Medal Buku : Bandung
Citakan : Citakan ka-1 Agustus
2003 / Citakan ka-2 Juni 2010
Kandel Buku : 56 halaman
Novel
Panganten teh ngadogengkeun krisis jiwa nu karandapan ku kaom rumaja. Dina
galeuh-galeuhna ieu hasil karancage literer Deden Abdul Aziz teh ngasongkeun
surah nu mandiri kanu naon rupa nu patali jeung jodo, pati, bagja, rejeung
cilaka. Jodo, pati, bagja, rejeung cilaka teh geus diatur ku nu Maha Kawasa.
Kalawan miang tina jahat wangan (point of view) rumaja , ieu roman mawa warna
basa nu mandiri deuih .
Dina
novel ieu urang patepung jeung Rinrin tokoh utamana. Dina novel ieu Rinrin boga
kabogoh nungarana Iyang alias Gumilang, Gumilang maot sanggeus nyebut kalimah
hayang kawin ka Rinrin, teuing rek kawin kasaha Gumilang teh. Rinrin ngarasa
sedih kulantaran Gumilang tos teu aya . Saacan Gumilang maot gumilang teh
tinggal di kosan sareng Ben jeung Rudi . Rudi mah pindah ka jakarta pas
Gumilang maot , janten Ben sorangan bae di kosan . Saprak Ben sorangan Rinrin
sok maturan Ben di kosan kusabab karunya . Ben beda jeung Gumilang, rarasaan
Rinrin mah , Ben teh teu jauh ti palaku pandukung, nu keur ngaamiskeun suasana.
Di
tempat Rinrin sok ngalamun , ngaran tempatna
Rinrin eta dingaranan Partenon .
Rinrin papanggih jeung Suminar atawa Lisa Kudrow, Rinrin ngarasa aneh,
kusabab tara aya awewe nu datang ka partenon tibatan manehna . Saatos wawawuhan
lila-lila Rinrin beuki dalit sareng Suminar nu raresep ngalangeu bari nyingkur
, sok ngaroko jeung nguyup arak. Layeut pisan, dalah terus jadi lesbian. Saatos
layeut sareng Rinrin, Suminar maot saatos ngomong kalimah rek kawin. Ari maotna teh kusabab
aborsi ,da keur kakandungan teuing ku saha, tapi Suminar embung bebeja ka
Rinrin saha bapa kandungna . Tadina kandungan rek digugurkeun tapi Suminar
embungeun kusabab embung nyieun dosa deui . Janten Suminar rek kawin sanggeus
kawin deuk ka Cihanjuang rek milu ninina tepi ka ngalahirkeun . Tapi saatos
Suminar indit ka Cihanjuang teh Suminar kalahkah aborsi . Rinrin sedih pisan.
Sanggeus Iyang nu ninggalkeun manehna, Suminar oge ninggalkeun manehna. Dina
Pangmustunganana Rinrin ge hayang kawin teuing kasaha da manehna mah mikirna
yen jodo mah geus aya nu ngatur. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan maneh tepi
ka henteuna, manehna ngarasa geus laksana papangantenan.
*Kalewihan
Novel Panganten :
Novel Panganten teh mere nyaho ka urang yen
kahirupan urang teh geus di atur ku Nu Maha Kawasa. Jodo, pati, bagja, rejeung
cilaka teh geus aya nu ngatur. Ngan eta teh cobaan jadi urang kudu bisa
mereskeun masalah jeung tawakal .
*Kalemahan
Novel Panganten :
Novel panganten teh
loba kata-kata kasar jeung jorok, jadi teu pantes lamun di baca keur budak
leutik mah. Tuluy loba kalakuan anu teu pantes diconto rumaji siga nguyup arak
jeung ngaroko
*Manfaat
Novel Panganten :
Urang bisa nyokot
hikmahna nyaeta dina hirup ieu pasti aya masalah , lamun aya masalah tong lumpat
ti masalah tapina dilawan jeung tong putus asa kusabab Allah moal mere cobaan
anu mahklukna teu mampu
Urang kudu bisa
milah-milih lingkungan anu positif kusabab lamun negatif urang bisa kababawa
negatif , contona hamil di luar nikah emang bahaya pisan keur kahirupan dunya
akherat , siga Suminar anu hamil teras aborsi teras maot, bebanna beban dunia
jeung akerat